Selasa, 14 Agustus 2012

Manissholat, Sareng Praktek Ubudiah Nusanesna.


Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Puji syukur salamina milik Alloh Pangeran sakumna alam nu parantos ngusik malikeun urang sadayana, sehingga hirup urang jeung maot urang teu aya nungatur lintang ti dzat Alloh nu maha agung ngaluhurun sadaya kaagungan.
Sholawat salam mugia salamina dikocorkeun kapanutan alam junjunan umat islam sadanyana nyatana Nabiyana Muhammad SAW. Kapara sohabatna oge, kakulawargana, jihat qorib jihad baidna, mugia urang sadayana di angken salaku umatna. Ammin ya rabbal ‘alamin. 


PRAKTEK WUDLU SARENG DO’ANA

            Sateuacana prak ngalaksanakeun wudlu baik pasunatan oge kafarduan, seueur pisan pasunatan anu kudu digarap.
-          Sateuacana lebet ka jamban /WC disunatkeun ngaoskeun du’a

ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡ ﺍﻨﻰ ﺍﻋﻮﺫﺒﻚ ﻣﻦﺍﻠﺤﺒﺕ ﻮﺍﻠﺧﺒﺎﺀ ﺙ
Hartosna: Ya Alloh nyuhunkeun panyalindungan abdi ka gusti tina godaan setan lalaki sareng setan awewe

-          Lajeng lengkahkeun sampean anu palih kiwa teras di jamban nalika mayun cai a’oskeun du’a :
 ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﺤﻣﺩﺍﷲﺍﻠﺫﻱ ﺠﻌﻝﺍﻠﻣﺎﺀﻄﻬﻭﺮﺍ
Hartosna: Ya Alloh nyuhunkeun abdi ka gusti kana kakiyatan dina ibadah sareng kana kabarokahan. Sareng nyuhunkeun pangraksa abdi tinda kagorengan sareng karuksakan.

-          Salajeungna madep ka kiblat anu maksad bade ngalaksanakeun wudhu  
Aoskeun du’a :
ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺮﺏﺍﻋﻭﺫﺑﻚ ﻤﻥﻫﻤﺯﺓﺍﻟﺛﻴﺎﻄﻴﻥﻭﺍﻋﻭﺬﺑﻙﺭﺐﺍﻥﻴﺤﻔﺭﻭﻥ
Hartosna :  Ya Alloh pangeran abdi abdi nyalindung abdi ka gusti tina ngawas waskeunana pirang-pirang syetan, sareung nyalindung abdi ka gusti tina hadirna eta syetan ngagoda ka abdi.
-          Salajeungna di  sunatkeun nyiwak / nyikat gigi atanapi kekemes. Lajeung disunatkeun ngumah panangan sapiegeulangan 3 x. bari ngaoskeun
-          Teras di sunatkeun Istinsyak atanapi nyingreup Cai kana pangamung 3 x bari ngaoskeun du’a :  
 ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡﺍﺭﺤﻧﻰ ﺭﺍﺌﺤﺔﻭﺍﻧﺕﻋﻧﻰ ﺭﺍﺽ. ﺍﻠﻠﻬﻡﺍﻧﻰﺍﻋﻭﺫﺑﻚ ﻣﻥ ﺭﻭﺍﺌﻊ ﺍﻟﻧﺎﺭﻭﺴﻭﺀﺍﻟﺩﺍﺭ
Hartosna :  Ya Alloh mugi gusti Ngangseukeun gusti ka abdi kana angseuna surge, sareng ari Gusti eta nu mika ridho ka diri abdi.
                          Ya Alloh nyalindung abdi ka gusti tina bauna angseu Naraka jeung tina gorengna tempat pangbalikan.

Salajengna diteruskeun kana praktek wudlu.

-          Bacakeun Niat dina hate bari ngucurkeun cai kana beungeut 3 x di tuturkeun ku macakeun du’a.
ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡ ﺑﻳﺹ ﻭﺟﻬﻰ ﺑﻦ ﻭﺭﻚ ﻳﻭﻡ ﺗﺑﻳﺽ ﻭﺟﻭﻩﻭﺗﺴﻭﺩ ﻭﺟﻭﻩ
Hartosna :  Ya Alloh mugi gusti maparin bodas raray ka abdi ku cahaya gusti dina dintenan baradodasna pirang-pirang raray sareung hideung pirang-pirang raray

-          Ngumbah panangan nu katuhu 3 x, du’ana :

 ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡ ﺍﻋﻄﻧﻰ ﻛﺗﺎﺑﻲ ﻭﺤﺎﺴﺑﻰ ﺤﺴﺎﺑﺎ ﻴﺴﺭﺍ
Hartosna :    Ya Alloh, nylindung abdi ka gusti, tina maparinkeun gusti ka abdi, kana buku amal abdi ku leungeun kenca abdi, atawa ti tukangeun tonggong abdi.

-          Ngumbah panangan nu kenca 3 x, du’ana :
  ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡ ﺍﻧﻰﺍﻋﻮﺫﺑﻚﺍﻥ ﺗﻌﻁﻴﻨﻲ ﻛﺗﺎﺑﻲ ﺑﺸﻤﺎﻠﻰﺍﻭﻤﻥ ﻭﺭﺍﺀﻆﻬﺭﻱ
Hartosna :    Ya Alloh nyalindung abdi ka gusti, tina maparinkeun gusti ka abdi, kana buku amal abdi ku leungeun kenca abdi atawa ti tukangeun tonggong abdi.

-          Ngusap sapalina rambut tina sirah 3 x  du’ana :
ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡ ﺤﺭﻡﺸﻌﺭﻭﺑﺷﺭﻱﻋﻠﻰﺍﻟﻧﺎ ﺭ
Hartosna :  Ya Alloh, mugi gusti Ngaharamkeun kana rambut abdi sareung kulit abdi tina sueneu naraka.

-          Teuras di sunatkeun ngumah dahirna cepil dua 3 x, bari maca du’a :

    ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡﺍﺠﻌﻠﻧﻰ ﻤﻥﺍﻟﺫ ﻴﻥ ﻴﺴﺗﻤﻌﻭﻥﺍﻠﻘﻭﻝ ﻓﻳﺘﺑﻭﻥﺍﺤﺴﻧﻪ
Hartosna :  Ya Alloh, mugi gusti Ngajadikeun ka abdi, ti golongan jalma-jalma anu    ngararupingkana ucapan sareung turut kana leuwih alusna eta ucapan.

-          Terus disunatkeun ngusap punuk 3 x, bari ngasokeun du’a :
       ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡﻓﻙ ﺭﻗﺑﺘﻰ ﻤﻥﺍﻠﻧﺎﺭﻭﺍﻋﻭﺪﺑﻙﻤﻥ ﺍﻠﺴﻼﺴﻞ ﻭﺍﻻﻏﻼ ﻞ
Hartosna :   Ya Alloh, mugi gusti mecat gusti kana awak abdi, tina seuneu naraka, sareng nyuhunkeun pangraksa abdi ka gusti tina pirang-pirang Rante sareung belenggu.

-          Terus ngumbah sampean anu katuhu 3 x, du’ana :
   ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡ ﺘﺑﺕ ﻘﺩ ﺴﻰﻋﻠﻰﺍﻠﺻﺭﺍﻟﻤﺴﺗﻘﻴﻢ ﻤﺢ ﺍﻗﺩﺍﻡﻋﺑﺎﺩﻙ ﺍﻟﺼﺎﻠﺤﻴﻨﻰ
Hartosna : Ya Alloh, mugi gusti Netepkeun kana sampeuan abdi cukang sirotolmustaqim, sarta dampal sampeuanana abdi-abdi gusti anu saroleh.

-          Teras ngumah sampean anu kenca 3 x, du’ana:
ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
     ﺍﻠﻠﻬﻡﺍﻨﻰﺍﻋﻭﻨﺑﻙﺍﻥﺗﺯﻝﻗﺪﻤﻰﻋﻟﻰﺍﻠﺼﺭﺍﻂﺍﻔﻰﺍﻟﻧﺎﺭﻴﻭﻡﺗﺯﻝ ﺍﻗﺪﺍﻡﺍﻟﻤﻨﺎ ﻔﻘﻴﻥ ﻭﺍﻤﻠﺴﺭﻛﻴﻥ
Hartosna :  Ya Alloh, Nyalindung abdi kagusti tina tisoledat dampal sampeanan abdi dina cukang sirotolmustaqim, kana jero Naraka dina poenan tisoledatna pirang-pirang munafik sareng jalma-jalma musrik.

-          Lajeung Angkatkeun panangan dua, bari ngaoskeun dua dina saba’da beres praktek wudlu.

   ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﺸﻬﺪﺍﻦﻻﺍﻠﻪﺍﻻﺍﷲﻭﺍﺸﻬﺪﺍﻦﻤﺤﻤﺪﺍﻋﺒﺪﻩﻭﺭﺴﻭﻠﻪﺍﻠﻟﻬﻢﺍﺠﻌﻠﻨﻰﻤﻥﺍﻠﻤﺗﻄﻬﺭﻴﻥﻭﺍﺠﻌﻠﻧﻰﻤﻥﻋﺑﺎﺪﻙﺍ ﻠﺻﺎﻠﺤﻴﻥ
Hartosna :  Nyaksian abdi saestuna kelakuan, sareung tingkah teu aya nu wajib di ibdahan anging gusti Alloh, sareung nyaksian abdi, saeunyana Nabi Muhammad eta ustusan Alloh. Ya Alloh, mugi ngajanteunkeun gusti ka abdi ti golongan  jalmi-jalmi anu terabat kabeh. Sareung mugi gusti ngajanteunkeun ka abdi ti golongan jalma tukang beberesih. Sareung ngadamel gusti ka abdi ti golongan hamba-hamba gusti anu saroleh.


-          Saba’dana beres lajeng lengkahkeun sampean anu katuhu menuju kaluar ti jaman bari maca do’a
  ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﺤﻤﺪﷲﺍﻟﺫﻱﺍﺫﻫﺏﻋﻥﺍﻻﺫﻯﻭﻋﻐﺎﻧﻰ
Hartosna :  Sadaya puji kagungan Alloh anu parantos ngalengitkeun ka abdi tina sadaya pilara sareung nu parantos ngabersihkeun gusti ka abdi.

-          Lajeung angkat leubeut ka masjid ngalengkahkeun sampean anu katuhu bari maca du’a :  
ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﻠﻠﻬﻡﺍﻏﻔﺭﻠﻲﺫﻨﻭﺒﻰﻭﺍﻔﺗﺢﻟﻰﺍﺑﻭﺍﺏﺭﺤﻤﺗﻙ
Hartosna :  ya Alloh mugi ngahapunteun gusti kana sadaya kalepatan abdi sareung mugi mukakeun gusti ka abdi kana lawang Rohmat gusti.


-          Lajeung bacakaeun niat I’tikaf
 ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﻧﻭﻴﺕﺍﻋﺗﻼﻑﻓﻰﻫﺫﺍﻠﻤﺴﺒﺤﻰﺗﻘﺭﺑﺎﺍﻠﻰﺍﷲﺴﻧﺔﷲﺗﻌﻠﻰ
Hartosna :  Niat abdi I’tikap di jero masjid, karena ngadeuketkeun diri ka Alloh sunat karena Alloh ta’ala.  

-          Saterasna di sunatkeun solat sunat 2 raka’at, pami tos lebet di hiji masjid, disebat solat Tahiyyatul masjid.
 ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺍﺻﻠﻰﺴﻧﺔﺭﺤﻴﺔﺍﻠﻤﺟﺭﺭﻛﻌﺗﻲﷲﺘﻌﻠﻰ
Hartosna :  Niat abdi solat sunat tahiyyatul masjid 2 raka’at karena Alloh. Diteraskeun kana solat sunat anu sanesna sateuacana ngalaksanakeun solat fardu, sapertos solat kabliyyah.  

Salajeungna, diteraskeun kana solat fardu,
-          Dina nalika ngadeg madep ka kiblat, sateuacan prak kana takbirotul-ihrom di sunatkeun ngaoskeun du’a.
ﻠﺴﻡﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻣﻦﺍﻠﺮﺤﻳﻡ
ﺭﺑﻲﺍﻋﻭﺫﺑﻙﻤﻥﻬﻤﺯﺍﺓﺍﻟﺸﻴﺎﻄﻴﻰﻭﺍﻋﻭﺫﺑﻙﺭﺑﻲﺍﻥﻴﻔﺭﻭﻥ
Lajeung ngaoskeun annas 1 x langsung wae Takbirotul-ikhrom lebet kana solat fardu

Wasalamu'alaikum Wr. Wb.

0 komentar:

Posting Komentar

 
;